Keenan — Pupuh Kinanti, Majalengka Gugur Malati
Keenan, peuting peteng ngadadak sepi,
di sisi jalan Majalengka nu surti,
lampu kota lir béntang turun ti pasir,
nganteur rasa nu keur raheut ati
Angin gunung Cireme ngusap pipi,
mawa tiis nu nembus ka jajantung
anjeunna nyangking carita ngabaliung
nu maut na dada, teu puguh tungtung
Jiga hinis awi bitung
Di taman leutik sisi kota,
Yuswa eureun bari ngagoda rasa,
ningali malati nu gugur leuleus,
bodasna lir kenangan nu meles
Melati ragrag ka taneuh
Majalengka nu reheut ku baluweng,
Seungitna can leungit ku wengi,
sanajan ragana geus nyorang pati.
Kakasih ngahuleng dina bangku,
nanya ka bentang nu ngalampu tugu,
“naha sadaya nu kungsi éndah,
kudu pegat, kudu pisah?”
Wengi Majalengka ngajawab sepi,
taya sora iwal haté sorangan nu nyeri,
kinanti ngalagu dina kalbu,
lir degung jauh ti lembur nu tabu.
“Pileuleuyan, Keenan,” lir angin ti Talaga,
“hirup téh saukur mampir di dunya,”
nu datang moal salawasna aya,
nu indit bakal balik ka asalna.
Abdi nyekel malati gugur,
leungeun ngageter, haté tagiwur,
Untung éling dina jero rasa,
yen cinta teu salawasna kudu babarengan salawasna.
Aya nu datang ti Jatiwangi,
mawa seuri, mawa jangji,
tapi balik deui ka jalanna sorangan,
ninggalkeun haté dina pangharepan.
Malati lain saukur kembang,
anjeunna saksi cinta nu teu panjang,
anjeunna nyimpen carita jaman,
di antara leuweung jeung sawah Majalengka nu tenang.
Harumna ngahiji jeung angin,
ngapung ka langit nu biru hening,
anjeunna teu sirna ku gugur,
anjeunna hirup dina rasa nu jujur.
Gusti, usap cimata peuting,
nu murag lir hujan di Sindangwangi,
Kuring nyadar dina jero diri,
leungit téh lain salawasna mati.
Nu gugur kadang robah rupa,
jadi kenangan nu terus nyunda rasa,
jadi do’a nu teu ka ucap,
jadi tapak nu moal leungit dina napas.
Kinanti ngagema dina dada,
ngalagu lir sora ti lembur nu mulya,
ngajarkeun narima sanajan beurat,
sanajan haté can siap pisah.
Deudeuh ka dieu nangtung deui,
ngaléngkah di jalan Majalengka nu sepi,
anjeunna mawa melati nu gugur,
jadi tanda yén haténa maur.
Jujur kana rasa nu kaliwat,
jujur kana tatu nu can leupas,
anjeunna ngarti dina tungtung wengi,
yen hirup lain milik sorangan deui.
Peuting lalaunan jadi isuk,
cahaya panonpoé mimiti asup,
Cireme nangtung gagah ti kajauhan,
jadi saksi yén hirup kudu diteruskeun.
Melati gugur teu saukur ahir,
anjeunna awal tina takdir,
di bumi Majalengka nu pinuh carita,
anjeunna jadi guru nu mulya.
Keenan, sanajan perih,
anjeunna geus leuwih kuat tibatan kamari,
jeung dina unggal léngkah nu anyar,
anjeun teu deui ngarasa samar.
Sabab ayeuna anjeun geus ngarti:
di Majalengka, di jero diri—
nu gugur teu salawasna leungit,
kadang ngan pindah, Keenan geulis
cicing dina jero haté nu tetep muklis
MY Kembara
Tangerang Selatan, 20 April 2026
Komentar
Posting Komentar