Kembang Pajajaran_


Geura nyaring anaking.
Geura baris panghareupna
pikeun iyeu nagri 
Itu karunya galudra. 
Buluna maruragan.
Dilengkahan ku pendatang
bawaan penjajah.
Ditincakan ku nu edan.
nu ngarasa klan paling mulia.
geura nyaring anaking.
ulah cicingeun urang salaku pribumi.
ulah cicingeun dibubudak tamu.
Maranehna ngan ukur pendatang 
Kunaon ngarasa jadi juragan.
Beuki lila beuki samena mena.
Sagala gala di akuaku.
Pahlawan pribumi di akuaku ti kalangan maranehna.
Taneuh pasundan di akuaku boga ti kalangan maranehna.
Pulau Jawa, Kalimantan, Sumatera di akuaku paninggalan ti kalangan maranehna.
Nagri Indonesia
ti Sabang nepi ka Merauke
di akuaku boga maranehna.
Teu boga ka era.
siga sasatoan.
Sejarah diobok obok,
diacak acak pikeun kapentingan meranehna.
Ageman paninggalan karuhun urang
disingkir singkirkeun.dianggap jahiliyah anu sesat.
Fitnah kabina bina.
Nanging maranehna jingkrak jingkrak bari nabeuhan rebana.
Cik naon kahayangna..?
Nyieun patung pikeun kaendahan lembur
disebut ku maranehna musyrik.
Padahal ngan jijieunan
nu henteu nepi ka disembah sembah.
Nanging maranehna : kuburan dihias hias disembah sembah dianggap sakral dijadikeun tempat menta menta.
Cik naon kahayangna..?
Yeuh didieu..
urang salaku rahayat.
geus wayahna urang nangtung.
Pageuh nyekel Kamulyaan ageman.
Nincak kuat kana akar kabudayaan.
Kembang Pajajaran.
Kembang Pajajaran.
nu di pelak di taneuh Parahyangan.
nu di sebor ku getih pandita.
nu di hujananan ludira satria.
Ulah ngeleh.
najan awak pateuh pasiksak.
najan ngajengkang ragrag.
Hayu urang lawan
nu rek ngaruksak kasatuan bangsa.
Tumapung tanpa kurung.
Tumega tanpa kalang.
yeuh..
Bibit buit ti sunda 
nu calik dibuana panca tengah.
moal ngejat.
moal ingkah.
Moal mundur satangtung beas.
najan nyawa kudu jadi waleran.
Leuwih hade paeh
tibatan kudu hirup nanggung wirang.
Kembang pajajaran.
kembang Pajajaran.
siap ngalawan bawaan penjajah.
nu rek ngaruksak kasatuan bumi nusantara.
Tangerang 16-05-2026
Kembang pajajaran
Ditulis:kopi tumpah

Komentar

Postingan populer dari blog ini

DARI AKU YANG HAMPIR MENYERAH

izinkan aku bahagia Karya Pengagum

Kamu Tidak Harus Menjadi Seseorang