_Resbob(anjing)
Resbob..!
ka dieu geh sia,
mampir ka Banten
hayang ngobrol aing jeung sia.
Sok sia datang dina bentuk naon bae anu kusia resep.
Resbob..!
Aing oge urang Sunda.
Salaku urang Sunda,aing oge teu tarima omongan sia.
Ka dieu sia ulin ka Banten.
urang tren,
urang amprok nepi ka mantog.
geus lila iyeuh aing teu gerak.
Rek ngadu naon jeung aing.?
Ngadu jajaten,,? hayu.
moal ngejat aing sanajan ukur satapak.
Moal mundur,
najan bedog nanceb potong di dada aing.
Ulah sok kitu sia resbob...!
nu hade sia ari ngomong.!
Omongan sia teh geus nganyenyeri sakabeh urang sunda.
nu baleg sia ari ngomong..!
Mentang mentang basa teh teu meuli.
Pek bae ku sia puji milik sia saluhur langit sakalipun.
tapi omat,
ulah laju mamawa jeung ngahina hina suku.
Ulah sok rasis,ngahina hina suku Sunda.
Omongan sia sarua bae jeung ngahina Karuhun aing.
Omongan sia sarua jeung ngahina indung bapa aing.
Sarua jeung ngahina aki nini aing,
Ngahina uyut aing,
Ngahina bao aing,
Ngahina janggawareng aing,
Ngahina udeg udeug aing,
Ngahina gantung siwur aing,
Ngahina geropak sente aing,
Ngahina debog bosok aing,
Ngahina galih asem aing.
Omongan sia teh nembus kana Karuhun aing.
Yeuh aing teureuh ti sunda.
Yeuh aing bibit bu'it ti Sunda,asli orang sunda.
Resbob...!
Ngaran sia geus ku aing bentuk
di sapanjang kalimah iyeu.
Nu bakal jadi rajah dina jero babatok sia.
Nu bakal jadi mantra pikeun sia.
Aki..nini..
Yeuh..anak incu menta pang najemkeun iyeu mantra.
Mangka tajem mangka landep.
Mantra aing mantra paneluh..
pur geni pur braja.
Singsieunan tuh nu ngaranna si resbob..
Sesep getihna.
Betot otot jeung jantungna.
Bedolkeun tikorona.
Ombang ambingkeun nyawana.
Mantra aing mantra paneluh.
Mangka tajem mangka landep iyeu mantra.
Cuiiih..!
Tah karasa pan Kiwari ku sia..
Iyeu palajaran pikeun sia ka hareupna.
Ulah Kitu Kitu deui.
Iyeu,pepeling keur diri.
Awak sakujur ingis laku lampah nincak salah.
Matak na oge jaga riksa paripolah sia
tina hal anu matak raheut kana manah batur.
jaga ucap sia teh,jeung laku lampah na.
letah sia teh geus leuwih seukeut alabatan pedang.
Raheut ku pedang mah ngan ukur raheut urat daging jeung tulang.
Raheut leungeun mah aya ubarna.
Nyerina oge ngan sa'ukur awak.
Tapi mun raheut ku letah
matak gudawang kana manah,
nu teu bisa diubaran.
Nyerina lahir jeung batin..
Resbob..
Yeuh Tengetkeun ku sia...
Moal aya haseup mun euweuh seuneu,
matak ogé ulah nyieun pucuk tigirang
bisi nimbulkeun bancang pakawuh,"
Resbob..!
Sakitu we ti sim kuring.
Tangerang 14-12-2025
Resbob (anjing)
Ditulis kopitumpah..bibit buit ti sunda
.
Komentar
Posting Komentar